Surat Ti Bapa - @lokergarut.go

Post a Comment




Assalamualaikum, Sahabat loker garut yang Alloh sayangi.. 
Mimin akan membagikan sebuah kutipan,, semoga kutipan ini bisa membawa manfaat bagi kalian semua,, jangan lupa sediain tisu, kalau" nanti saat membacanya kalian inget sama ayah atau Bapa kalian.. 

Selamat membaca.. 😊

SURAT TI BAPA

Buat yg ngerti bahasa sunda, indah sekaligus terharu,...
 
"Panggeuing keur hate anu tibra sare tawis kasono ka bapa anu tos dipundut kunu Gaduhna"
 
Anakiiing, anak Bapa....
kiwari Bapa geus nepi
ka lembur anu sabenerna, lembur nu beda jeung lembur urang baheula.....
 
Anakiiing, anak incu Bapa.....
mun isuk-pageto
hidep sono hayang papanggih jeung Bapa, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula,
omat tong angkaribung barang bawa, sabab Bapa
geus lain Bapa anu baheula.... !
do'akeun wae Bapa ku aranjeun... ayeuna Bapa ngan butuh do'a ti aranjeun.....

Anakiiing, kamelang Bapa...!
mun hidep nyaah ka Bapa.... teu kudu bingung mulang tarima... tapi cukup bejaan Bapa :
yen hidep geus jadi jalma sholeh....
geus jadi hamba Alloh ahli ibadah.....
bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo Manten-NA
 
Anakiiing...
mun hidep nyaah ka Bapa... cukup bejaan Bapa... :
yen hidep nyaah ka Bapa...
hidep akur jeung dulur...
runtut-raut sauyunan..... 
silih hargaan..... 
silih elingan.... 
silih tulung silih bantu.....
gogonjakan jiga baheula.....!
 
Anakiiing...
pang bejakeun ka anak incu bapa...
yen bapa nyaah ka hidep....!
nyaah ku lucuna....
nyaah ku belana....
nyaah ku sumanget na....!
 
Bejakeun ka kulawarga hidep.....
Bapa geus nepi ka nu dituju....
Bapa rek satia nungguan di dieu...
di hareupeun panto surga....!
 
Anakiiing, anak-incu bapa.....
Bapa hayang mere beja, nyambung beja anu baheula : nu manfa'at di dieu, di alam baka.. geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan, tapi wungkul amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa....!
 
Ayeuna ku bapa geus karasa..., geus karasa...!
karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat, karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga..!
 
Anakiiing, anak-incu bapa...., bapa nitip :
* poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur...
* ulah sasar tapi kudu loba istigfar...,
* ulah salah tapi kudu loba ibadah...., 
  
Anakiiing....,
hampura bapa...,  bapa sono ka aranjeun kabeh...
meungpeung aya keneh di alam dunya poma ulah tinggaleun sholat..., ngaji qur'an..., ulah poho ka fakir miskin..., 
Nulung kanu butuh..., 
Nalang kanu susah.... 
Ulah poho, du'akeun bapa tiap ba'da sholat...

Sakitu surat ti bapa....
Hampura bapa

MANGGA DI SHARE, SUPADOS SEUEUR NU EMUT KUMAHA NYAAHNA BAPAK KA URANG 😭😭
#edisi inget ka bapa 

Mohon maaf bila mimin membuat kalian menangis dan ingeut sama bapa, hanya doa yang bisa mimin bagiin semoga bapa sahabat semua yang udah wafat, mendapatkan Syurganya Allohh aamiin ya Alloh Ya Robbal alamiin

Related Posts

There is no other posts in this category.

Post a Comment